Minggu, 27 Maret 2011

SINGLAR

         Singlar
a.    Singlar Hama Pepelakan
Seuri céléng bang céléng palémbang
Geura los geura leumpang
Ka sabrang ka palémbang
Ka kajagi ka patani
Ka batan ka tulang bawang
Ka nu hejo lolopangan
Ka nu hideung siga nila
Di dinya kahanan sira
Istan, istan, istan.
( Sumber ti Sesepuh Kp.Babakan Cidugaleun Singaparna )
b.   Singlar Hujan
Allahuma bad batara gumulung
Panghindarkeun awan nu mendung
Datangkeun awan anu caang
Bray...bray...bray
Datangkeun matahari.
( Sumber ti Sesepuh Kp.Babakan Cidugaleun Singaparna )

c.    Singlar Setan
Allahuma na’tu dinur
Sumud samad
Sina madan
Kalawan huluhé lapi
Weling cahayaning Allah
Jaka puru, jaka rimis
Solalohu alaihi wassalam
Istan singlar.
( Sumber ti Sesepuh Kp.Babakan Cidugaleun Singaparna )
d.   Singlar ka Leuweung
Aki sungkar-singkir
Nini sungkar-singkir
pangnyingkirkeun
Pangnyingkahkeun
Bilih aya halang harungan
Si utun si unji
Ngaliwat di buana panca tengah.
( Sumber ti Sesepuh Kp.Babakan Cidugaleun Singaparna )
e.    Singlar ka Musuh
Curulung cai ti manggung
Barabat ti awang-awang
Cai tiis tanpa bisi
Mun deuk nyatru ka si itu
Mun deuk hala ka si eta
Anaking palias teuing.

               ( Tina Payungsi Sastra kenging Yus rusyana )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar