Selasa, 15 Maret 2011

MANTRA

MANTRA
Mantra nya éta kaasup wangun puisi bébas anu ngandung kakuatan gaib. Dipakena tara sagawayah, mantra biasana ditalar. Maksudna supaya bisa ngagunakeun kakuatan gaib pikwun ngahontal hiji tujuan. Nilik kana tujuan anu baris dihontalna, mantra bisa dipasing jadi dua golongan , nya éta :
1.      Mantra pikeun kasalametan atawa kamaslahatan, misalna wae pikeun ngubaran anu gering atawa pikeun ngajaga kebon tina gangguan hama.
2.      Mantra pikeun ngabinasakeun anu lian, upamana wae teluh.

Nu kaasup kana puisi mantra teh loba rupana. Diantarana wae nya eta :

1.      Jangjawokan
2.      Jampe
3.      Rajah
4.      Ajian
5.      Singlar
6.      Asihan
7.      Pangabaran
8.      Sima
9.      Wisaya
10.  Pileumpeuhan
11.  Parancah
12.  Gendam
13.  Pelet
14.  Teluh
15.  Piwurung
16.  Pipahokan
17.  Ganggaong

( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana) 




Tidak ada komentar:

Posting Komentar