Selasa, 15 Maret 2011

JANGJAWOKAN

1)        JANGJAWOKAN
Jangjawokan teh nya eta sabangsaning jampe-jampe keneh anu fungsina gen sarua. Jangjawokan ieu dugunakeun pikeun aya salasahiji kahayang urang, anu bener-bener dipikahayang. Anggota masarakat sunda baheula mah loba nu percaya yen aya kahayang bisa kacumponan ku cara maca jangjawokan ieu bari dibarengan ku sarat-sarat nu khusus.Dina jangjawokan ieu si pengguna salaku nu mere parentah bathin, paling henteu salaku pihak nu ngabogaan kahayang atawa hiji hal. Jangjawokan biasana sok dibarengan bari ngalaksanakeun puasa salila saminggu.

a)        Jangjawokan Paranti Aya Kahayang
Kanjeng Nabi Adam
Asih Adam
Idzin Alloh
Kanjeng Nabi Muhammad
Pangdongkapkeun
Lamun teu dongkap
Sapangokos jame
Lain siksa
Lain ganyar
Beuheung gaganti
Yahu Ya Alloh
Yahu Ya Alloh
Yahu Ya Alloh
 ( Sumber ti Sesepuh Kp.Babakan Singaparna)


b)       Jangjawokan Paranti ka Leuweung
Allohuma kama asih
Manusa asih ka Dewa
Dewa asih ka manusa
Bocah kembang kinayungan
Ya Alloh Ya Rosululloh
Laa illahaillalloh
Laa illahaillalloh
Laa illahaillalloh
( Sumber ti Sesepuh Kp.Babakan Singaparna ) 

c)    Jangjawokan Paranti di Pupur
Pupur aing pupur panyambur
Nanyambur panyangking rupa
Nyalin rupa ti Dewata
Nyalin sari Widadari
Nya tarang lancah mentarangan
Nya halis katumbirian
Nya irung kuwung-kuwungan
Dideuleu ti hareup sieup
Disawang ti tukang lenjang
Ditilik ti gigir lengik
Mangka welas mangka asih ka nu dipupur
Ditenjo ku saider kabeh
( Tina  Pedaran Sastra Sunda kenging Tatang Sumarsono ) 


d)   Jangjawokan “Sahadat Banyu”
Ashadu sahadat banyu,
Sarasa tunggal sakersa,
Rasa banyu, rasa kula,
Awor rasaning tunggal.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana) 


e)    Jangjawokan Paranti Turun ti Imah
Allohuma ibu bumi,
Medal tapak tatapakan,
Turun wawayaning Muhammad,
Birohmatika ya arhamarrohimin.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana) 


f)    Jangjawokan Paranti Neundeun Beas
Bismillahirrohmannirrohim,
Nyi Pohaci Sangiang Sri,
Di dieu heula tetep maneuh,
Antara bukti,
Ya, hu, ya allah.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana) 


g)        Jangjawokan Paranti Ngala Lauk / Nguseup
Aki rek-rek turaya
Anak patutan turunkeun
Aing nya pangkanan sia
Bayu mas nu lenggang putih
Bayu mas nu lenggang herang
Bumi meneng bayu meneng
Ku sangkilat ku mancorong
Ratna putih sang ibuh putih
Undur ku sangkilat sakti
Nya isun sang demit jati
( Sumber ti Sesepuh Kp.Babakan Singaparna)

h)   Jangjawokan Paranti Nyiuk Beas
Bur, gayung manala cipta,
Gedong manik wisesa,
Herang nu herang,
Pohaci maya herang,
Nyi Pohaci naga ramana,
Nyi pohaci naga sakti,
Mangka reugreug, mangka pageuh.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana) 

i)     Jangjawokan Paranti Ulah Keueung
Nini guna turut,
Aki guna turut,
Ulah turut ka guna indung,
Ulah turt ka guna bapa,
Nya turut ka guna haji putih,
Nu linggih dina ati,
Istan ! palias ! istan !
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana) 

j)     Jangjawokan Paranti Nitipkeun Pakaya
Bismillahirrohmanirrohim,
Sang perepes herang,
Sang perepes lenggang,
Sang anta–anti,
Sri hurip kami raksaeunana,
Kami keur paeh ati,
Kami rawatan heula.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana) 
k)   Jangjawokan Waktu Rek Tandur, Tebar, Ngaseuk.
Asalamu ‘ alaikum warohmatullohi,
Alaikum salam,
Cur, mancur, cahaya terus ning rasa,
Kaula ngahaturkeun sangu putih sapulukangun,
Ka Kanjeng Gusti Yang Agung,
Anaking utun inji,
Ratmanira, ratmaningsun,
Si adi Sang Seda Jati,
Si kakang Sang Seda Rasa,
Malaikat Sang Sekar Rupa,
Pangdongkapkeun seja kaula,
Ka Nyi Pohaci Sangiang Sri,
Sanggeus sakarajagandadi tunggal.  
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana)



2 komentar: