Selasa, 15 Maret 2011

HARTI SUNDA

Wangenan Sunda
Harti kecap sunda sacara leksikografis/etimologis, ceuk R. Mamun Atmamihardja dina bukuna Sejarah Sunda I (1956) aya sababaraha harti dumasar kana kamus bahasa, nya eta :
A. Bahasa Sansekerta
1. SUNDA, sopan, moncorong,caang.
2. SUNDA, ngaranDewa Wisnu
3. SUNDA, ngaran ksatria buta (daitya) dina carita Upa Sunda jeung Ni Sunda
4. SUNDA, ksatria kera (wanara) dina carita Ramayana
5. SUNDA, tina kecap Çuddha (= bodas)
6. SUNDA, ngaran gunung di Bandung Utara

B. Bahasa Kawi
1. SUNDA, cai maksudna daerah nu loba cai.
2. SUNDA, tumpukan maksudna subur.
3. SUNDA, pangkat maksudna berkualitas.
4. SUNDA, waspada maksudna kade (hati-hati).

C. Bahasa Jawa
1. SUNDA, tersusun maksudna tertib.
2. SUNDA, bersatu maksudna hirup rukun.
3. SUNDA, dua (tina harti Candrasangkala), maksudna saimbang.
4. SUNDA, tina kecap Unda (= naek), maksudna kualitas hirupna naek terus.
5. SUNDA, tina kecapUnda (= ngapung), maksudna terus berkualitas.

D. Bahasa Sunda
1. SUNDA, tina kecap sa-unda dan sa-tunda (= lumbung pare), maksudna subur makmur.
2. SUNDA, tina kecap Sonda (=hade)
3. SUNDA, tina kecap (=kawentar)
4. SUNDA, tina kecap Sonda (= senang)
5. SUNDA, dari kata Sonda (=nyenangkeun)
6. SUNDA, tina kecap Sonda (=panuju)
7. SUNDA, tina kecap Sundara (=lalaki kasep)
8. SUNDA, tina kecap Sundara (=ngaran Dewa Kamajaya)
9. SUNDA, tina kecap Sundari (=ngaran awewe geulis)
10. SUNDA, indah
11.SUNDA = Suci atawa Murni (=Ibukotana Tarumanagara: Sundapura, hartosna Kota Suci)
Kecap Sunda aya dina rupa-rupa kamus jeung rupa-rupa basa. Dina Atmamiharja (1958:5) di sebutkeun yen nurutkeun pamanggih G.P. Rouffaer kecap Sunda teh asalna tina basa Hindu. Pedaranna ieu dihandap :
1.  Sund hartina moncorong ( A Sanskrit-English Dictionary karangan Monier Williams )
2.  Kecap Sunda dina An Index to the names in the Mahabharata karangan S.Sorensen disebutkeun :
a.  ngaran Dewa Wisnu ( nu boga ngaran 1000 rupa )
b.  ngaran daitya ( buta ) anak Nisunda ( Nikhumba) jeung dulurna Upasunda. Ieu dua dulur teh silih paehan lantaran marebutkeun widadari geulis nu ngaranna Tilottama.
c.  ngaran hiji monyet
3.  Sunda asalna tina cudhha hartina bodas,  nya eta rupa gunung Sunda ditenjo ti kajauhan anu rupana bodas alatan lebu bituna gunung ( Sanskrit in Indonesia karangan Gonda, 1952, Nagpur).
4.  Sunda hartina cai, tumpukan ,pangkat, waspada, ( Kawi – Javaans Woordenbook karangan C.F.Winter Sr.)
5.  Dina kamus Jav-Ned. Handwoordenbook karangan J.E.C.Gericke jeung T.Roorda disebutkeun Sunda teh hartina numpuk, nyusun, ngarangkep, kecap, atawa sora dirajek. Upama dijieun candrasangkala hartina dua, asalna tina basa Jawa unda anu hartina : 1) ngunda ( jangkrik anu rek diadukeun), 2) ngapungkeun (langlayangan). Dina basa Jawa tunda hartina tumpukan,susun.
6.  Dina kamus nu judulna A Dictionary of the Sunda Language of Java karangan Jonathan Rigg, kecap Sunda teh hartina :
a.  sa-unda , sa-tunda = tina sa (saha) = ngabogaan (having the property of); Sunda hartina panundaan ( a place of defosit), gudang (an entrepot).
b.  alus, punjul, senang, nyenangkeun, sugema, panuju.
c.  sundara ( Sansakerta ) hartina kasep geulis, tegep, alus, punjul; sondari hartina awewe geulis.
7.  Sunda hatina endah ; dina carita Mundinglaya dikusumah aya garwa Prabu Siliwangi anu jenenganana Nyai Mantri Manik Mayang Sunda , sakapeung disebut Kentring Manik Mayang Sunda , sakapeung disebut Kentring Manik Mayang Sunda , anu hartina Nyai Mantri Permata Ciciptan anu Endah.
Jadi Kacindekan wangenan Budaya Sunda nya eta :
Minangka hiji tina sakabéh pola laku-lampah anu dikirimkeun ngaliwatan kahirupan sosial, seni agama, kalembagaan, sarta kabéh hasil gawé sarta pamikiran manusa ti hiji kelompok manusa atawa cara mikir nu ngajenggelek mangrupa hasil karya, rasa jeung cipta nu sumebar milik balarea dina kahirupan hiji kelompok manusa urang Sunda nu diwariskeun sacara turun tumurun.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar