BASA WEWENGKON JEUNG BASA LULUGU
“Cuang ulin yu..!”
“Enya beu, urang ulin beu...”
“Kunaha kuring mah teu diajakan?”
“Geus geuwat beu, meumpeung euweuh dosen!”
Urang pasti geus teu aneh deui mun ngadéngé kecap-kecap jiga kitu. Ku ngadéngéna ogé tangtu geus bisa neguh ti mana asal nu nyarita. Nu di luhur, kayaning cuang, beu, kunaha téh mangrupa basa wewengkon atawa basa dialék.
Ku sabab Tatar Sunda téh kaitung lega, basa Sunda anu digunakeun gunem catur sapopoé téh henteu sarua pisan. Aya dialék-dialék basa Sunda anu masing-masing miboga kekecapan atawa ungkara anu has. Antarana aya dialék Banten, dialék Kuningan, dialék Ciamis, dialék Karawang, dialék Bandung jeung sajabana. Dialék téh gejala basa anu ilahar. Saban basa anu digunakeun ku komunitas-komunitas anu réa jumlahna, miboga dialék-dialék. Kekecapan, lentong jeung ungkara masing-masing dialék mindeng béda, ieu ogé dipangaruhan ku faktor geografis.
Basa wewengkon nu aya di wilayah Sunda loba rupana. Ahli basa ngabagi kana 6 basa wewengkon. Wilayah Banten kidul kaasup dialék kalér. Wilayah priangan, saperti Bandung jeung sabudeureunana disebut dialék kidul. Wilayah Majalengka jeung sabudeureunana kaasup dialék tengah wétan. Bagian Ciamis jeung sabudeureunana kaasup dialék tenggara. Wilayah Kuningan jeung bagian Brebes kaasup dialék timur laut. Tapi numutkeun Satjadibrata (1960) basa Sunda miboga salapan dialék, nya éta dialék Bandung, Banten, Cianjur, Purwakarta, Cirebon, Kuningan, Sumedang, Garut, jeung Ciamis. Tina salapan dialék anu dijadikeun basa Sunda lulugu nya éta dialék Bandung anu mindeng digunakeun salaku basa pangjajap di sakola. Saényana mah basa lulugu ogé mangrupa basa dialék atawa leuwih mernah disebut basa sosiolék urang Sunda anu nyakola. Salah sahiji kaunggulan basa lulugu ti basa dialék sabab basa lulugu mah dipaké dina basa tulisan.
Di handap ieu aya basa dialék ti sawatara wewengkon :
NO | BASA SUNDA LULUGU | BASA SUNDA KUNINGAN |
1. | Huis | Janger |
2. | Licik | Bulit |
3. | Diuntun | Kalabang |
4. | Maenya | Mangkara |
5. | Rieut | Menit |
6. | Opak | Beca |
7. | Diképang | Ditaucang |
8. | Handap | Teoh |
9. | Teu sopan | Dusun |
10. | Cenah | Baruk |
11. | Eueut/ Nginum | Emuh |
12. | Nyobaan | Ngacakan |
13. | Horéam | Teu rajeun |
14. | Hayu | Beu |
15. | Karang | Harang |
16. | Buruan | Karang |
17. | Ninyuh | Nembok |
18. | Urang | Cuang |
19. | Batu | Mungkal |
20. | Hayang seuri | Kagugu |
21. | Ka mana | Ka endi |
22. | Angeun | Celem |
23. | Buru-buru | Uah-uih |
24. | Cékéng gé | Ceungégé |
25. | Teu keyeng | Teu rajeun |
26. | Sasak | Kérétég |
27. | Dagé | Oncom |
28. | Loba | Jenuk |
29. | Telebug | Gebok |
30. | Bisa | Ireug |
31. | Pamajikan | Rubiah |
NO | BASA SUNDA LULUGU | BASA SUNDA CIAMIS |
1. | Urang | Cuang |
2. | Isuk | Isukan |
3. | Geuwat | Waiyuh |
4. | Teu sopan | Dusun |
5. | Hanas | Kanjat |
6. | Kungsi | Kusi |
7. | Sambel | Tolenjeng |
8. | Gélo | Burung |
9. | Béak | Amrin / ambrin |
10. | Boléd | Mantang |
11. | Dulang | Pané |
12. | Gusur | Séréd |
13. | Sabaraha | Sanaon |
14. | Titajong | Tipagut |
15. | Tolombong | Gebog |
16. | Sangu poé | Sangu wadang |
17. | Manéh | Nyanéh |
18. | Kucem | Kulicem |
19. | Usum hujan | Balabur |
NO | BASA SUNDA LULUGU | BASA SUNDA MAJALENGKA |
1. | Teu éndah | Teu Jeujeuh |
2. | Sih | Karah |
3. | Manéh | Dewek |
4. | Urang | Cuang |
5. | Cenah | Aning |
6. | Kuring | Kami |
7. | Ku naon | Kunaha |
8. | Horéam | Seunggah |
9. | Kale | Kekenceng |
10. | Hiji | Saese |
11. | Céngék | Sabrang |
12. | Petis Bonténg | Ngareucah |
13. | Gedang | Kates |
14. | Enéng | Empit |
15. | Beubeur | Benten |
16. | Buruan | Bémper |
NO | BASA SUNDA LULUGU | BASA SUNDA GARUT |
1. | Kawitna | Pabitna |
2. | Rék | Deuk |
3. | Cik | Cikan |
4. | Éléh | Lasut |
5. | Ngaran kadaharan tina sampeu | Emplod |
6. | Ngaran kadaharan tina kulit sampeu | Kededemes |
7. | Ngaran kadaharan | Onger-onger |
8. | Sapu Tangan | Salampé |
NO | BASA SUNDA LULUGU | BASA SUNDA BANJAR |
1. | Biwir | Babangus |
2. | Enéng | Enok |
3. | Péso | Landepan |
4. | Tempat Pabéasan | Rigen |
5. | Boboko | Ceceting |
6. | Waluh | Ceceting |
7. | Minyak Kalapa | Lisah kelentik |
8. | Hui | Mantang |
9. | Bangké | Layon |
10. | Botak | Buleneng |
11. | Coklat | Soklat |
12. | Ungu | Lintuh |
13. | Kuat | Rosa |
14. | Rajin | Tanginas |
15. | Rakus | Segut |
16. | Hudang Saré | Tanghi |
17. | Kukumbah Leungeun | Sibano |
18. | Sila | Ipet |
19. | Ngabanting Seuseuhan | Ngagebot |
20. | Ngagosok Kulit | Ngaruru |
21. | Geulang | Pinggel |
22. | Kutang | Kaway |
23. | Sabeungkeut Paré | Bentel |
24. | Pagéto | Isukan |
25. | Musim Hujan | Reneng |
NO | BASA SUNDA LULUGU | BASA SUNDA BANTEN |
1. | Pisan | Jasa |
2. | Anjeunna | Nyana |
3. | Hésé | Gati |
4. | Siga | Doang |
5. | Tara | Tilok |
6. | Abdi | Aing |
7. | Aranjeunna | Maraneh |
8. | Ningali | Noong |
9. | Tuang / dahar | Hakan |
10. | Naha | Pan |
11. | Sampeu | Dangdeur |
12. | Alim | Endung |
13. | Pengker | Tukang |
14. | Rebut | Haliwu |
15. | Ancuk | Jamang |
16. | Batur | Orok |
17. | Sedih | Abong |
18. | Leutik | Alus |
19. | Incu | Ancu |
20. | Ngaran | Aran |
21. | Labuh | Kabubuh |
22. | Parawan | Cawéné |
23. | Domba | Gembal |
24. | Ngéwa | Héwa |
25. | Hui | Mantang |
26. | Baju | Jamang |
27. | Aki | Bapa kolot |
28. | Sangku | Baskom |
NO | BASA SUNDA LULUGU | BASA SUNDA SUMEDANG |
1 | Kicimpring Opak tina Sampeu | Cimpring |
2 | Lahang | Wedang |
3 | Nyétak | Nitis |
4 | Sih ( Kecap panganteb lamun rék nanya) | Karah |
5 | Sasaruaan tina kecap “ har ” | Jeuy |
6 | Sasaruaan tina kecap “ har ” | Jéy |
NO | BASA SUNDA LULUGU | BASA SUNDA CIREBON |
1. | Muara | Muhara |
2. | Sampeu | Kacapeu |
3. | Jojodog | Jejengkok |
4. | Dalang | Gambuh |
5. | Ladu | Rarabudig |
6. | Bésan | Warang |
7. | Jandéla | Gandéla |
8. | Tu’ur | Dengkul / dekung |
9. | Kenténg | Gendéng |
10. | Méngkol | Nengkol |
11. | Balandongan | Bélékétépé |
12. | Korang | Gurandi |
13. | Congé | Dadapitan |
14. | Comro | Gepeu |
15. | Baligo | Baléong |
Di Tasikmalaya, hususna Singaparna aya dialék-dialék husus nu dicirian ku ayana prosés asimilasi, nya éta silih pangaruhan sora basa tanpa ngarobah idéntitas foném. Misalna kecap sendal jadi senal, punduk jadi punuk, rorombéheun jadi roroméheun, jrrd.
Upama di Kuningan, lian ti aya kekecapan anu has sihoreng geuning aya lentong anu has ogé. Misalna “Oh, ieu mah dioséng waé nya!”. Lentong nu aya dina ieu ungkara miboga lentong ka handap. Lian ti éta nu has ti kuningan téh nya éta aya parobahan sora kecap nu saengang. Misalna kecap beus jadi ebeus, dicas jadi diecas, pas jadi epas.
Sedengkeun di Majalengka mah, struktur kalimahna téh béda jeung wewengkon séjénna. Misalna téh, “Ogé manéh rék milu?”. Éta ungkara téh sarua hartina jeung “Manéh rék milu kitu?”
Dina basa Sunda, kungsi aya jamanna lamun aya nu nyarita atawa ngagunakeun kekecapan dialékna sok diseungseurikeun ku nu ngabandunganna kusabab béda dialékna jeung nu sok dipaké ku maranéhna. Padahal saenyana teu kudu kitu, sabab kumaha waé dialékna nu penting mah maké kana basa Sunda.
Ceuk hiji panalungtikan dina abad nu kaliwat, abad ka-20, aya rébuan basa nu paéh. Dina abad nu ayeuna ogé abad ka-21ogé aya basa anu paéh baris aya rébuan basa nu paéh. Ceuk itungan para ahli, ayeuna di dunya téh aya kurang leuwih 6000 basa. Dina ahir abad ieu, baris tinggal kurang leuwih kari setengahna. Jadi, hartina aya kurang leuwih 3000 basa anu baris paéh dina abad ka-21. Hartina aya 30 basa nu paéh dina sataun.hartina aya dua satengah basa dina sabulan paéh. Kira-kira saban 10 poé aya hiji bangsa nu leungit ti dunya. Tah, basa Sunda téh aya dina antrian anu rék paéh, sabab loba urang Sunda nu geus horéam make basana.
Basa Sunda anu umurna kurang leuwih lima abad téh gé boa teu kawariskeun sacara sistematis jeung kontinyu. Emh, tada teuing upama basa Sunda nepi ka henteuna téh, tada teuing sedihna. Lain ku nanaon, hirup abad-abad henteu diwariskeun komo deui ninggalkeun warisan keur kamanusaan, da nu aya ogé geuning disapirakeun ku urang Sundana sorangan.