Minggu, 27 Maret 2011

JAMPE

   JAMPE
Jampé teh kaasup puisi mantra keneh. Rumpakana aya nu parondok , aya ogé nu paranjang. Digunakeun rupa-rupa kapentingan. Fungsi utamana nya éta pikeun kasalametan diri ; supaya ulah keuna ku mamala, jeung supaya dipikaasih ku nu lian. Jadi , fungsina beda ti asihan. Ieu conto-contona :

a.    Jampe Nyisiran
Sisir aing
Sisir cungkit
Carentik pabalik-balik
Carentang papulang-pulang
Reup sieup ka awaking.
( Sumber ti Sesepuh Kp.Babakan Cidugaleun Singaparna )
b.   Jampe Mupul Eundan ( Paré )
Sukma anu dikumpulkeun
Puhaci sumulan sri
Puhaci langgeng sorangan
Salalahu alaihi wassalam.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana )
c.    Jampe Budak Labuh
Jampe , jampe harupat ,
Geura gede , geura lumpat,
Coh, coh, torolong.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana )
d.   Jampe Beresin ( Pikeun Budak )
Hurip , waras !
Kirab, sawan !
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana )
e.    Jampe Beunghak Beuteung
Cangkakakak di leuwung,
Injuk talina,
Dihakan di beuweung,
Hitut jadina.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana )
f.     Jampe Tutung
Tutung , tutung, ulah kembung,
Nyusup cara kole buruk,
Combrek cara hate kole,
Tiis, tiis, cara birit leuwi,
Tiis digin paripurna,
Tiis tipeuting , waras tibeurang.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana )
g.    Jampe Ngajaga Peurah Oray
Catang malang, catang datang,
Ulah ngait kana Nabi,
Nyangsang kana keresa,
Catang datang, catang malang,
Celepot , les !
Badak tiselap kadupak ku cai guntur,
Leor, leor.
Tiis dingin paripurna,
Waras ku Alloh,
La ilahaillalloh,
Muhammadarrosululloh.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana )

h.   Jampe Kabeureuyan
Catang malang, catang datang,
Ulah ngait kana Nabi,
Nyangsang kana keresa,
Catang datang, catang malang,
Celepot, les !
Budak tiselap kadupak ku cai guntur,
Leor, leor,
Tiis dingin paripurna,
Waras ku Allah,
La ilaha ilalloh,
Muhammadarrosululloh.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana )
i.      Jampe Nyeuri Beuteung
Sajati tali ari-ari,
Peujit beulit, puseur pacangreud,
Dibeungkeut ku tali kincir,
Dikeureut ku hinis putih,
Tiis dingin paripurna,
Hurip ! waras !
Hurip ! waras !
Hurip ku Nabi,
Waras ku Allah.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana )
j.     Jampe Nuus

Banyu kukus , bayu nuus,
Banyu herang ka jayaan,
Jaya cai, jaya aing,
Jaya aing batan cai.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana )
k.   Jampe Dangdan
Jung, angkat Ki Malela,
Seuweu putra anu muru,
Sang déwata ngencar,
Nu lengoh paboro-boro,
Nu hayang paheula-heula,
Nu kurnia sih ka badan isun.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana )
l.      Jampe Diminyak
Minyak aing minyak watu,
Beunang guguru ti ratu,
Seuweu ratu jadi rusuh,
Seuweu menak jadi hayang,
Pada hayang ka awaking,
Awaking ratu asihan.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana )
m. Jampe Leumpang
Jut, bur ! parapat, nyay !
Ley, kolenyay,
Dina hurung, dina layung,
Dika siang, dika anom,
Parapat, bur !
Mangka welas, mangka asih,
Sih, welas ka badan awaking.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana )
n.   Jampe Seuri
Seuri aing seuri Nabi,
Imut aing Sri Sunan Gunungjati,
Polah aing Rasulullah,
La ilaha ilallah
Muhammadarrosullullah.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana )
o.    Jampe Masamoan
Nu ngariung jiga lutung,
Nu ngarendeng jiga monyet,
Nya aing mandahna,
Maung pundung datang turu,
Badak galak datang depa,
Galudra di engah imah,
Kaheureut kasieup ku pohaci awaking.
( Tina  Pedaran Mantra jeung Pupujian kenging Ruswendi Permana)
p.   Jampé Dicoco Kala
          Kalaka kaliki
          Kala lumpat ka sisi cai
Aing nyaho ngaran sia
Ngaran sia kulit cai
Tawa tawe
Ditawa ku sang indung putih
Tiis ti peuting waras ti beurang
Paripurna hirup waras

          ( Tina Payungsi Sastra kenging Yus rusyana )


Tidak ada komentar:

Posting Komentar