Rabu, 06 April 2011

BASA WEWENGKON DI JAWA BARAT

BASA WEWENGKON JEUNG BASA LULUGU 

“Cuang ulin yu..!”
“Enya beu, urang ulin beu...”
“Kunaha kuring mah teu diajakan?”
“Geus geuwat beu, meumpeung euweuh dosen!”
Urang pasti geus teu aneh deui mun ngadéngé kecap-kecap jiga kitu. Ku ngadéngéna ogé tangtu geus bisa neguh ti mana asal nu nyarita. Nu di luhur, kayaning cuang, beu, kunaha  téh mangrupa basa wewengkon atawa basa dialék.
Ku sabab Tatar Sunda téh kaitung lega, basa Sunda anu digunakeun  gunem catur sapopoé téh henteu sarua pisan. Aya dialék-dialék basa Sunda anu masing-masing miboga kekecapan atawa ungkara anu has. Antarana aya dialék Banten, dialék Kuningan, dialék Ciamis, dialék Karawang, dialék Bandung jeung sajabana. Dialék téh gejala basa anu ilahar. Saban basa anu digunakeun ku komunitas-komunitas anu réa jumlahna, miboga dialék-dialék. Kekecapan, lentong jeung ungkara masing-masing dialék mindeng béda, ieu ogé dipangaruhan ku faktor geografis.
        Basa wewengkon nu aya di wilayah Sunda loba rupana. Ahli basa ngabagi kana 6 basa wewengkon. Wilayah Banten kidul kaasup dialék kalér. Wilayah priangan, saperti Bandung jeung sabudeureunana disebut dialék kidul. Wilayah Majalengka jeung sabudeureunana kaasup dialék tengah wétan. Bagian Ciamis jeung sabudeureunana kaasup dialék tenggara. Wilayah Kuningan jeung bagian Brebes kaasup dialék timur laut. Tapi numutkeun Satjadibrata (1960) basa Sunda miboga salapan dialék, nya éta dialék Bandung, Banten, Cianjur, Purwakarta, Cirebon, Kuningan, Sumedang, Garut,  jeung Ciamis. Tina salapan dialék anu dijadikeun basa Sunda lulugu nya éta dialék Bandung anu mindeng digunakeun salaku basa pangjajap di sakola. Saényana mah basa lulugu ogé mangrupa basa dialék atawa leuwih mernah disebut basa sosiolék urang Sunda anu nyakola. Salah sahiji kaunggulan basa lulugu ti basa dialék sabab basa lulugu mah dipaké dina basa tulisan.


Di handap ieu aya basa dialék ti sawatara wewengkon :
NO
BASA SUNDA
LULUGU
BASA SUNDA KUNINGAN
1.
Huis
Janger
2.
Licik
Bulit
3.
Diuntun
Kalabang
4.
Maenya
Mangkara
5.
Rieut
Menit
6.
Opak
Beca
7.
Diképang
Ditaucang
8.
Handap
Teoh
9.
Teu sopan
Dusun
10.
Cenah
Baruk
11.
Eueut/ Nginum
Emuh
12.
Nyobaan
Ngacakan
13.
Horéam
Teu rajeun
14.
Hayu
Beu
15.
Karang
Harang
16.
Buruan
Karang
17.
Ninyuh
Nembok
18.
Urang
Cuang
19.
Batu
Mungkal
20.
Hayang seuri
Kagugu
21.
Ka mana
Ka endi
22.
Angeun
Celem
23.
Buru-buru
Uah-uih
24.
Cékéng gé
Ceungégé
25.
Teu keyeng
Teu rajeun
26.
Sasak
Kérétég
27.
Dagé
Oncom
28.
Loba
Jenuk
29.
Telebug 
Gebok
30.
Bisa
Ireug
31.
Pamajikan
Rubiah


NO
BASA SUNDA
LULUGU
BASA SUNDA
CIAMIS
1.
Urang
Cuang
2.
Isuk
Isukan
3.
Geuwat
Waiyuh
4.
Teu sopan
Dusun
5.
Hanas
Kanjat
6.
Kungsi
Kusi
7.
Sambel
Tolenjeng
8.
Gélo
Burung
9.
Béak
Amrin / ambrin
10.
Boléd
Mantang
11.
Dulang
Pané
12.
Gusur
Séréd
13.
Sabaraha
Sanaon
14.
Titajong
Tipagut
15.
Tolombong
Gebog
16.
Sangu poé
Sangu wadang
17.
Manéh
Nyanéh
18.
Kucem
Kulicem
19.
Usum hujan
Balabur



NO
BASA SUNDA
LULUGU
BASA SUNDA MAJALENGKA
1.
Teu éndah
Teu Jeujeuh
2.
Sih
Karah
3.
Manéh
Dewek
4.
Urang
Cuang
5.
Cenah
Aning
6.
Kuring
Kami
7.
Ku naon
Kunaha
8.
Horéam
Seunggah
9.
Kale
Kekenceng
10.
Hiji
Saese
11.
Céngék
Sabrang
12.
Petis Bonténg
Ngareucah
13.
Gedang
Kates
14.
Enéng
Empit
15.
Beubeur
Benten
16.
Buruan
Bémper

NO
BASA SUNDA
LULUGU
BASA SUNDA
GARUT
1.
Kawitna
Pabitna
2.
Rék
Deuk
3.
Cik
Cikan
4.
Éléh
Lasut
5.
Ngaran kadaharan tina sampeu
Emplod
6.
Ngaran kadaharan tina kulit sampeu
Kededemes
7.
Ngaran kadaharan
Onger-onger
8.
Sapu Tangan
Salampé

NO
BASA SUNDA
LULUGU
BASA SUNDA
BANJAR
1.
Biwir
Babangus
2.
Enéng
Enok
3.
Péso
Landepan
4.
Tempat Pabéasan
Rigen
5.
Boboko
Ceceting
6.
Waluh
Ceceting
7.
Minyak Kalapa
Lisah kelentik
8.
Hui
Mantang
9.
Bangké
Layon
10.
Botak
Buleneng
11.
Coklat
Soklat
12.
Ungu
Lintuh
13.
Kuat
Rosa
14.
Rajin
Tanginas
15.
Rakus
Segut
16.
Hudang Saré
Tanghi
17.
Kukumbah Leungeun
Sibano
18.
Sila
Ipet
19.
Ngabanting Seuseuhan
Ngagebot
20.
Ngagosok Kulit
Ngaruru
21.
Geulang
Pinggel
22.
Kutang
Kaway
23.
Sabeungkeut Paré
Bentel
24.
Pagéto
Isukan
25.
Musim Hujan
Reneng


NO
BASA SUNDA
LULUGU
BASA SUNDA
BANTEN
1.
Pisan
Jasa
2.
Anjeunna
Nyana
3.
Hésé
Gati
4.
Siga
Doang
5.
Tara
Tilok
6.
Abdi
Aing
7.
Aranjeunna
Maraneh
8.
Ningali
Noong
9.
Tuang / dahar
Hakan
10.
Naha
Pan
11.
Sampeu
Dangdeur
12.
Alim
Endung
13.
Pengker
Tukang
14.
Rebut
Haliwu
15.
Ancuk
Jamang
16.
Batur
Orok
17.
Sedih
Abong
18.
Leutik
Alus
19.
Incu
Ancu
20.
Ngaran
Aran
21.
Labuh
Kabubuh
22.
Parawan
Cawéné
23.
Domba
Gembal
24.
Ngéwa
Héwa
25.
Hui
Mantang
26.
Baju
Jamang
27.
Aki
Bapa kolot
28.
Sangku
Baskom 

NO
BASA SUNDA
LULUGU
BASA SUNDA SUMEDANG
1
Kicimpring Opak tina Sampeu
Cimpring
2
Lahang
Wedang
3
Nyétak
Nitis
4
Sih ( Kecap panganteb lamun rék nanya)
Karah
5
Sasaruaan tina kecap
“ har ”
Jeuy
6
Sasaruaan tina kecap
“ har ”
Jéy


NO
BASA SUNDA
LULUGU
BASA SUNDA CIREBON
1.
Muara
Muhara
2.
Sampeu
Kacapeu
3.
Jojodog
Jejengkok
4.
Dalang
Gambuh
5.
Ladu
Rarabudig
6.
Bésan
Warang
7.
Jandéla
Gandéla
8.
Tu’ur
Dengkul / dekung
9.
Kenténg
Gendéng
10.
Méngkol
Nengkol
11.
Balandongan
Bélékétépé
12.
Korang
Gurandi
13.
Congé
Dadapitan
14.
Comro
Gepeu
15.
Baligo
Baléong
            Di Tasikmalaya, hususna Singaparna aya dialék-dialék husus nu dicirian ku ayana prosés asimilasi, nya éta silih pangaruhan sora basa tanpa ngarobah idéntitas foném. Misalna kecap sendal jadi senal, punduk jadi punuk, rorombéheun jadi roroméheun, jrrd.
            Upama di Kuningan,  lian ti aya kekecapan anu has sihoreng geuning aya lentong anu has ogé. Misalna “Oh, ieu mah dioséng waé nya!”. Lentong nu aya dina ieu ungkara miboga lentong ka handap. Lian ti éta nu has ti kuningan téh nya éta aya parobahan sora kecap nu saengang. Misalna kecap beus jadi ebeus, dicas jadi diecas, pas jadi epas.  
Sedengkeun di Majalengka mah, struktur kalimahna téh béda jeung wewengkon séjénna. Misalna téh, “Ogé manéh rék milu?”. Éta ungkara téh sarua hartina jeung “Manéh rék milu kitu?”
Dina basa Sunda, kungsi aya jamanna lamun aya nu nyarita atawa ngagunakeun kekecapan dialékna sok diseungseurikeun ku nu ngabandunganna kusabab béda dialékna jeung nu sok dipaké ku maranéhna. Padahal saenyana teu kudu kitu, sabab kumaha waé dialékna nu penting mah maké kana basa Sunda.
Ceuk hiji panalungtikan dina abad nu kaliwat, abad ka-20, aya rébuan basa nu paéh. Dina abad nu ayeuna ogé abad ka-21ogé aya basa anu paéh baris aya rébuan basa nu paéh. Ceuk itungan para ahli, ayeuna di dunya téh aya kurang leuwih 6000 basa. Dina ahir abad ieu, baris tinggal kurang leuwih kari setengahna. Jadi, hartina aya kurang leuwih 3000 basa anu baris paéh dina abad ka-21. Hartina aya 30 basa nu paéh dina sataun.hartina aya dua satengah basa dina sabulan paéh. Kira-kira saban 10 poé aya hiji bangsa nu leungit ti dunya. Tah, basa Sunda téh aya dina antrian anu rék paéh, sabab loba urang Sunda nu geus horéam make basana.
Basa Sunda anu umurna kurang leuwih lima abad téh gé boa teu kawariskeun sacara sistematis jeung kontinyu. Emh, tada teuing upama basa Sunda nepi ka henteuna téh, tada teuing sedihna. Lain ku nanaon, hirup abad-abad henteu diwariskeun komo deui ninggalkeun warisan keur kamanusaan, da nu aya ogé geuning disapirakeun ku urang Sundana sorangan. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar