Rabu, 27 April 2011

ARTIKEL " PAYUNG GEULIS "


PAYUNG GEULIS
Saha nu teu wanoh kana kecap payung ?. Kiwari payung masih dibutuhkeun  pisan ku manusa salaku alat pikeun ngajaga dirina tina panasna panon poé  atawa tina guyuranna cai hujan.
Dina jaman era globalisasi anu leuwih modern kiwari , ngajaga hiji kalanggengan adat, budaya atawa tradisi karuhun-karuhun urang hésé pisan pikeun ngajagana, alatan di jaman era globalisasi kiwari masyarakat urang leuwih ngagunakeun kana pola kahirupan nu leuwih modern tur leuwih praktis dina ngajalankeun hirupna, kaasup dina ngagunakeun hiji kabutuhan hirupna. Boh éta nu sifatna langsung atawa nu teu langsung. Masyarakat kiwari gampang pisan kapangaruhan ku budaya asing sakumaha anu kacutat dina paribasa mah “ jati kasilih ku junti ”.  Hal éta kajadian kana produk payung geulis anu mangrupa tradisi atawa budaya asli kerajinan tangan has kota Tasikmalaya salaku warisan titinggal karuhunna.
Payung geulis ngabogaan seni nu kacida endahna, nu mangrupa ciri has atawa simbol kota Tasikmalaya, ogé payung geulis ieu mangrupa asset nu kacida ahéng kabina-bina lantaran payung geulis tos ka wentar ka nusantara bahkan tingkat dunia alatan kaunikan dina wangun senina atawa bentukna. Seni nu jadi hiji hal nu teu bisa leupas tina payung geulis, kaunikan payung geulis nya éta ayana ciri has tina payung geulis ieu alatan ayana lukisan kekembangan nu warna-warni nu ngadekorasi éta payung geulis.
Babakan payung, panyingkiran, indihiang mangrupa daérah-daérah sentra payung geulis di kota Tasikmalaya. Payung geulis nu jadi produk ciri has jeung simbol kota Tasikmalaya ieu pantang ku cai hujan. Payung geulis nu diwangun tina kertas, tapi lain kertas biasa nu digunakeunna tapi nya eta kertas khusus. Mungkin payung geulis karasana kaku alatan diwangunna tina kertas jeung kai salaku gagangna sahingga payung ieu dirasa atawa ditenjo teu praktis pikeun dibawa kamana-mana. Sanajan payung geulis ieu dirasa kaku tapi payung geulis ngabogaan peran anu kawilang pentingna di masarakat Tasikmalaya. Payung geulis dina jaman katukang di kota Tasikmalaya digunakeun salian salaku piken ngajaga diri tina panasna panon poe, payung geulis oge di Tasikmalaya digunakeun ku para mojang-mojang Tasikmalaya salaku panglengkep mode atawa fashion .
Mojang-mojang di Tasikmalaya dina jaman katukang ngarasa teu sampurnana nalika manehna teu mawa payung geulis pikeun ngalengkepan fashionna atawa modena, salian ti ngalengkepan fashionna para mojang oge ngamangpaatkeun eta payung geulis pikeun ngajaga parasna tina panas panon poe.
Alatan era globalisasi, payung geulis kiwari kageser pamorna ku jenis payung hasil ekspor ti nagara-nagara maju saperti payung Jepang jeung payung China. Alatan payung hasil ekspor ti nagara maju saperti jepang atawa china éta diwangunna tina bahan-bahan nu hampang saperti ngagunakeun parasit anu leuwih tahan tina cai hujan atawa panasna panon poé.
Kiwari mojang-mojang Tasikmalaya geus langka nu ngagnakeun payung geulis pikeun ngalengkepan fashion atawa modena di taun 2011 kiwari, para mojang kiwari geus kapangaruhan ku budaya luar anu nyebabkeun budaya pribumi eleh pamor ku budaya luar, khususna dina produk payung geulis. Mungkin moderenisme geus ngarobah mode atawa fashion hampir di pelosok bumi, ksusuna di wilayah Tasikmalaya. Padahal taun-taun ka tukang para mojang-mojang atawa wanoja-wanoja Tasikmalaya teu lesot tina payung geulis nalika indit-inditan. Akibat ayana pangaruh payung ekspor ti nagara-nagara maju anu leuwih praktis tur modern, kiwari payung geulis anu jadi kabanggaan atawa nu jadi primadona Tasikmalaya geus eleh pamorna ku payung-payung hasil ekspor nrgara jepang atawa china nu ngakibatkeun payug geulis kiwari sepi atawa kurang peminatna  ti masarakat pikeun ngagunakeun.
Di jaman milenium kiwari payung geulis robah tujuan atawa robah fungsi nu awalna payung geulis digunakeun pikeun kahirupan sapoe-poe dina ngajaga diri tina panasna panon poe, kiwari mah payung geulis ngan digunakeun ku sabagian masarakat eta sorangan dina acara adat, kawinan, oge payung geulis teh ngan digunakeun salaku ekspre seni jalma anu ngoleksi eta payung geulis pikeun kapuasan diri atawa digunakeun salaku hiasan atawa pajangan..
Pribadi ngarasa miris nalika ningali kaayaan payung geulis  asli Tasikmalaya nu awalna mangrupa ciri khas atawa salaku primadona masarakat Tasikmalaya, kiwari payung geulis ngan produk seni nu teu layak pikeun digunakeun salaku fungsina deui. Payung geulis kiwari di jual pikeun hiji nilai éstétika, ogé payung geulis kiwari ngan digunakeun salaku profesi. Padahal payung geulis mangrupa warisan karuhun urang nu kudu di jaga tur di mumulé pikeun kasajahteraan balaréa. Saupamana budaya teu dimumulé ku urang, pasti budaya éta laun-laun bakal leungit. Lamun teu di jaga bener-bener, karasana mah nalika aya nagara anu ngaku-ngaku hasil budaya atawa warisan asli karuhun urang di aku jadi warisan budaya negara éta sorangan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar